IRAHA ATUH IRAHA

Kamis, 28 Juli 20160 komentar

iraha atuh iraha
dina meja anu buleud
urang tiasa mengulang

merenah diuk deui sameja
najan sajorelat ninggalkeun
lalampahan pakepukna
carita kahirupan

kasibukan
alatan kesuksesan
tanda atribut darajat
nu rajeun jadi pameulit
rasa jadi carut marutna
silih asih silih asah
hayu urang udar
babarengan

iraha atuh iraha
bisa dahar sahuap lingkung
sok sanajan ngan saukur
jeung sayur kangkung
pencok lenca ditambah
tanjan dengklang

galecok hate ngeunaan
sma dalapan dua

PenaArsky (28072016)
Share this article :

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2011. BLOG SMAKU'82 COMUNITY - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger